Selasa, 08 Desember 2009

Drama Sunda

Drama Sunda
Judul : Dukun Palsu

Prolog : Hirup manusa di alam dunya geus aya anu ngatur, nyaeta anu maha kawasa. Urang salaku manusa teu bisa nolak atawa ngarubah takdir anu geus diatur ku pangeran ka urang. Tapi, di sabunderen urang teu saeutik jalma anu hayang ngarubah takdir. Maranehannana percaya kanu salian ti pangeran nu maha kawasa. Salahsahijina nyaeta percaya ka “duuuuukuuuuunnnnnn”.

(si Tini jeung si Isah keur ngobrol di jalan)
Tini : Aduh, Isah Nuju naon ieu, ngalamun wae. Kahade bisi aya laleur asup. Eta baham mani ageung pisan calangapna.
Isah : Ah, henteu. Duka nya ieu rarasaan teh mani aya anu benten kitu.
Tini : Euleuh euleuh…, terang abdi mah, ieu yeuh anu namina cileuh dina mata teh, alias cinta.
Isah : Ah, tong sok kitu atuh, jadi isin yeuh. Tapi kumaha nya ?
Tini : Kumaha naonna ? Eh, tapi saleresna sareng saha sih, abdi oge hoyong terang.
Isah : Kadieu geura (ngaharewos ka Tini)
Tini : Oh, si Udin. Abdi oge terang atuh, kapan tatanggaan. Tah, kaleresan dinten saptu kieu biasana si Udin sok ngaliwat kadieu. Biasa, bade les basa sunda cenah mah.
Isah : aduh kumaha atuh. Abdi teh isin upami patepung di dieu mah.
Tini : euleuh euleuh...
(nyodorkeun kembang ka Isah) anggo ieu geura.
Isah : naon ieu ?
Tini : kembang.
Isah : enya kembang kamangkara kompor, tapi kanggo naon kitu, heran abdi mah.
Tini : ih rada telmi nya boga babaturan teh. Tangtu kanggo nyarios yen maneh teh resep ka si Udin, kitu. Naon sesahna sih ?
Isah : tapi .......
Tini : ah teu aya tapi tapian. tuh tingali, si Udin sareng si Uus nuju kadieukeun
Isah : ah kumaha ieu. Bantuan atuh, abdi teh lieur....
Tini : kaditu maju wae !

(si Udin jeung si Uus datang nyampeurkeun si Isah jeung si Tini)
Udin : Eh neng Isah sareng neng Tini, wilujeng siang. Nuju naon atuh paduduaan wae di dinya.
Uus : hah, neng Tini
Tinimbang duaan sareng si Isah mendingan sareng Aa, di dieu (umajak make beungeut nu oon)
Tini : heh maneh, oon. Kadieu, tong diganggu. (nanarik si Uus ka tempat sejen)
Uus : aduh, bade kamana neng, di dieu wae atuh sasarengan.
Udin : wah aya naon yeuh, make aya acara pundah pindah sagala. Kunaon kitu ?
Isah : Eu.... eu.....
Abdi hoyong..... hoyong nyarios sakedap.
Udin : ngeunaan naon nya? Pok atuh nyarita
Isah : Eu.... eu.... ieu... ieu
Udin : enggal atuh. Bisi telat abdi ka tempat les. Bade nyarios naon sih...
Isah : Ieu, kang Udin(merekeun kembang ka si Udin)
Udin : oh, kembang. (nadana malinges)
Punten nya, sanes abdi nolak tapi sakali deui punten, abdi mah da teu tiasa, tos gaduh abdi mah. sareng nu sanes wae atuh
Isah : ..............(ceurik)
Udin : (nyampeurkeun si Uus) heh us, geuwat geus telat yeuh.
Uus : hayu atuh.
Udin : neng Tini, hayu ah ti payun. (sabari merekeun kembang anu tadi)
Tini : hah, jang naon ieu. (sabari ngalungkeun kembang ka beungeut si Uus)
Uus : wuih, sieun, galak euy. Hayu ah....
Tini : (nyampeurkeun si Isah) sah, sabar nya. Tenang jalmi anu kitu mah engke oge aya babalesannana. Upami teu rela, ke enjing ngiring sareng abdi nya..
Isah : (sabari ceurik) kamana atuh ? abdi teh tos nyeri hate.... nyeri pisan....
Tini : tos tenang wae, ke ku urang bales nya.

(Isukannana si Tini mawa si Isah ka Dukun… tujuanna rek melet si Udin)
Isah : tin, dimana ieu. Sieun pisan kaayaana.
Tini : tenang, ku urang bales kalakuan si Udin kamari, make pelet
Isah : pelet ??? ih kamangkara. Musrik atuh eta teh. Upami nganggo pelet alim abdi mah.
Tini : jeh, tong sok kitu. Urang tos jauh jauh kadieu, nepi ka make tilu angkot lima ojeg, kakara anjog, kamangkara kudu balik deui. (nada sorana jadi kasar, sabari nanarik si Isah)

(di tepas imah dukun, si isah jeung si tini paamprok jeung Ibu atun, jeung Ibu iyem)
Tini : punten, bu… tiasa geseran sakedik ?
Ibu Iyem : ih, tong di dieu, kaditu wae atuh !!! geus pinuh di dieu mah.
Ibu Atun : neng, dipalih dieu wae. Masih seueur tempat.
Tini : hatur nuhun bu.
(ngomong rada alon ka si Isah) abdi di ditu, nya. Maneh mah di dieu wae !
Isah : ih, rencangan abdi atuh, sieun ka si Ibu eta mah.
Tini : ih, tos ageung kamangkara masih keneh borangan.
(nyampeurkeun ka Ibu Atun, tuluy gek diuk) punten bu.
Ibu Atun : neng, kadieu teh bade aya naon ? isin atuh, kamangkara dikudung teh nepi ka Dukun sagala, gaduh masalahna beurat nya ?
Tini : sanes abdi bu, tapi rerencangan. Tuh anu calik di palih ditu.
Ibu Atun : kunaon kitu, bet ka Dukun sagala ? aya anu neluh, atawa justru bade neluh ? di dieu mah emang ahlina, tos kasohor kamana-mana, nepi ka presiden amerika ayeuna oge datang ka dieu.
Tini : wah, aya Barrack Obama kadieu ? bade naon kitu, neluh oge ?
Ibu Atun : oh, presiden amerika teh tos digentos nya, sanes si Bush deui….
Maklum, teu aya TiVi…. Lajengkeun deui, masalah rerencanganna teh naon
Tini : biasa masalah cinta
Ibu Atun : oh, kitu. Budak ngora masalahna teu jauh jauh tina cinta cintaan nya ?
Abdi oge ka dieu teh bade ngajajap kulawargi, biasa caleg...
Tini : oh, kitu
Ibu Iyem : ih, Atun ulah ngomong ka sasaha atuh. Era yeuh.... Ulah ngomong yen kuring teh caleg, palaur bisi aya anu menta tanda tangan jeung poto. Kuring can dangdan, yeuh. Kamangkara nyanghareupan fans make pakean kawas kieu… ?
Ibu Atun : enya deuh…. Ibu Iyem elisabeth, caleg partai tangkal kalapa dengdek nomer urut tilu belas anu paling bageur, sareng paling kasohor Tinimbang caleg-caleg anu lianna.
Ibu Iyem : hih ulah sok kitu. era yeuh, era……


Dukun : pasen kahiji, mangga
Ibu Iyem : tuh, geuwat. Geus digeroan ku aki Dukun
Ibu Atun : mangga nya ti payun, neng (ka si Tini) .... neng(ka si Isah)
Tini : oh mangga... mangga,
Isah : mangga
Tini : kahade bu piaraanna bisi leupas. Dicangcang wae dicangcang……..
Ibu Iyem : eit, maksud maneh kuring (molotot ka si Tini )
Tini : ah si Ibu, sanes ka Ibu. Si Ibu mah sensitip ih…. Kumaha janten caleg anu leres ?
Ibu Iyem : naon maneh ?!?
Ibu Atun : (nanarik Ibu Iyem) aduh, teu di ditu teu di dieu, parasea wae. Inget tos sepuh, masih keneh pasea. Sareng budak alit deui … enggal ah…….
Isah : (ngahuleng sakeudeung, terus nyampeurkeun si Tini)
Tin, naha sih kedah nganggo jalan pelet sagala
Tini : ah, tenang wae. Tungguan.

Dukun : sok diuk.
Ibu Iyem : hatur nuhun, ki.
Ibu Atun : calik yeuh, ki ? dimana calikna, teu aya korsi geuningan ?
Dukun : diuk atuh !
(ngomong ka Ibu Atun jeung Ibu Iyem) ke heula, aki terang. Pasti kadieu teh pedah aya masalah. Geuwat caritakeun sabab jam tilu aki diondang mingpin salametan di Menara Pisa, sangkan teu rubuh rubuh.
Sok atuh naon, maneh ! (nunjuk ka Ibu Atun)
Ibu Atun : ih sanes abdi, ki. lepat... abdi mah teu gaduh urusan sareng aki. Musrik…musrik…
Ibu Iyem : abdi ki. Abdi anu gaduh masalah teh. Aki tiasa ngabantosan kan ? kapan aki teh Dukun anu kasohor sa-dunya, malahan nepi ka aherat oge meureun.
Dukun : sa-aherat….
sok atuh rek aya naon ? (ngagebrug meja sasajen)
Ibu Iyem : enya ki, enya.
Abdi teh hoyong tiasa jadi caleg ki. Lumayan kan gajihna gede, abdi tiasa meser mobil sareng bumi…..
Dukun : caleg, aduh geus teu usum ngurusan caleg. Batur mah ngurusan toke leutik ngalawan kadal gede, ieu masih ngurusan caleg.
Ibu Atun : leres...leres, saha nu kenging nya ? toke atawa kadal. Aki ngajagokeun saha yeuh, abdi mah ngajagokeun toke…., Iyem ngajagokeun saha ?
Ibu Iyem : heh.. kalahka ngurusan eta. Balik deui ka carita, moal anggeus anggeus yeuh….
Dukun : naha maneh nu ngatur, kuring nu boga ieu tempat…
Ibu Iyem : hapunten ki, hapunten. replek namina oge
Janten kumaha ki, tiasa kan?
Dukun : ah, gampang. Kuring boga carana. Ke sakeudeung...
Jin Ucrit..... Jin Ucrit..... kaluar maneh.... Jin Ucrit........ Jin Ucrit.........
Jin Ucrit : aduh ki, ke heula atuh. Kuring keur mandi keneh yeuh
Dukun : heuh, lain teh geuwat. Jam sakieu kakara mandi
Ibu Atun : ki, nyarios sareng saha ? asa teu ningali sasaha ti tadi. Aki waras kan, atawa tos gelo ayeuna mah ?
Dukun : hus, ngomong teh kawas kitu. Ieu mah ajudan
Ibu Atun : oh, ajudan…. Jadi hoyong ningali, kumaha nya….
Jin Ucrit : tah, ayeuna mah geus siap ki. Pakean geus rapih, rambut geus digaya harakiri
Dukun : harakiri ti hongkong, harajuku
Naha nempokeun wae (ngomong ka si Atun)
Ibu Atun : ah henteu, ki henteu. Sok lajengkeun wae. abdi mah moal ngaganggu….
Dukun : jin, kadieu (ngaharewos ka jin)
Jin Ucrit : eta mah gampang, saha jalmana ki ?
Dukun : (ngomong ka Jin Ucrit) ke heula sakeudeung.
(ngomong ka si Iyem) ieu masalah pasrahkeun ka kuring, tapi apal lain kahayang aki??
Ibu Atun : waduh, teu terang atuh ki. Abdi kan sanes carogena aki, jadi teu terang kapalay aki….
Ibu Iyem : ah maneh, tun.
gampang ki, ieu bayaranna sareng ieu kartu nama abdi, Iyem elisabet nomer 13
Dukun : (mere kartu nama ka jin)
Ibu Atun : ih, itu kartu namana bisa ngapung…. Sieun ah, bisi aya anu ngapungkeun abdi….,
(nyumput tukangeun Ibu Iyem)
Jin Ucrit : eh poho, kuring teh teu katempo nya
Dukun : kanu kitu wae heran, eta mah ajudan kuring.
ke heula, nomer maneh sabaraha tadi
Ibu Iyem : 13 ki
Dukun : ganti, ku nomer 9
Ibu Iyem : kunaoan geuning 9, ki ?
Dukun : kapan golkarna nomer 23
Ibu Atun : naon hubungannana, ki. Nomer 13, nomer 9, sareng nomer 23. 13 dikurang salapan kan 4, tilulas ditambah 9, 22. Naha kudu jadi 23.
Dukun : geus nurut wae naha. Ayeuna mah geuwat balik kaditu
Ibu Atun, Iyem : hatur nuhun ki
Ibu Atun : (nyampeurkeun aki Dukun deui, tuluy ngaharewos) aki…. Aki Dukun… tiasa bantosan abdi henteu…..
Jin Ucrit : ki, aya anu balik deui tuh..
Dukun : bantuan naon, cenah tadi euweuh urusan jeung kuring.
Ibu Atun : ieu ki. tiasa ngadangdosan raray abdi henteu…. Ieu pangambung teh asa mancung pisan….
Dukun : eta mah pesek, lain mancung
Ibu Atun : ih, ke heula geura ki, abi teu acan salse… maksadna ieu pangambung teh asa mancung teuing ka jero….
Ibu Iyem : (balik deui narik Ibu Atun) jeh, ditungguan ti tadi kalahka balik deui…. Geuwat ah… aya wawancara jeung tivi yeuh….
Ibu Atun : aduh ke heula atuh….. abdi tacan salse urusanna…
Dukun : aya aya wae….nya jin..
Jin Ucrit : bener bener…. Aya aya wae manusa mah nya ????

Dukun : pasen kadua....
Jin Ucrit : wah nu ieu mah mojang mojang geulis ki, lumayan
Tini, Isah : siang, ki
Dukun : sok, aya naon ?
Tini : kieu ki, rerencangan abdi teh ditolak cintana. Jadi aki terang kan kedah kumaha ?
Isah : tin entos ah, kaluar wae.
Dukun : oh, gampang ari ngabunuh jalma mah....
Tini : ih, ulah dIbunuh ki. Karunya atuh, sakasep kasep... lebar
Isah : dipelet wae ki, supados resep ka abdi
Tini : jeh, ari titadi cicing wae, ayeuna ngomong.....
Dukun : jadi dipelet wae yeuh ? yakin ?
Isah : leres leres ..........
Dukun : yakin teu ?!? (ngagebrak meja sasajen)
Isah : yakin ki, yakin....
Dukun : saha jalmana ?
Tini : ieu ki potona
Dukun : tibatan jeung jalma ieu mending jeung aki
Jin Ucrit : sadar ki. Inget rubiah 4, anak 16, incu 23. Masih keneh mikiran nu ngora
Dukun : kan lumayan jang piparantieun, sugan wae bisa jadi rubiah ka 5
Jin Ucrit : ih si aki.... inget geus bau taneuh..... tuh liang kubur geus nungguan
Dukun : ah, geus cicing. Kumaha jadi, dipelet wae..?
Tini : enya tos cekap dipelet wae. Sareng ieu bayaranna...
Dukun : alus alus, ayeuna balik wae kaditu. Jin bawa ieu..
Jin Ucrit : beres ki, laksanakeun
Tini : mangga ki, hatur nuhun
Isah : (ngomong lalaunan ka si Tini)heh, si aki Dukun teh gelo sugan, nyarios nyalira wae ?
Tini : teuing ah....

Dukun : pasen pamungkas..........
Jin Ucrit : wah ki, nu ieu mah teuing. Tina tampangna teu yakin duitna loba...
Dukun : geus cicing.....

Udin : heh, bener teu ieu tempatna ?
Uus : ih pasti atuh, abdi tos sababaraha kali kadieu.
Udin : rek naon maneh sababaraha kali kadieu, melet oge ?
Uus : ih, abdi mah tara maen nu kitu, biasa operasi beungeut .......
Udin : rek dirobah kumaha bae, rek disabun sabaskom, atawa dibedak satronton oge maneh mah angger wae goreng
Uus : namina oge usaha, lumayan kan aya parobihan sakedik kedikeun mah

Dukun : heh, maraneh, geuwat asup
Jin Ucrit : ki, jalma eta deui. Si goreng tea
Uus : eh aki, patepung deui.... kumaha ki, abdi geuning teu acan aya parobihan atuh, kieu kieu wae ?
Dukun : oh, maneh... kumaha, waras ? tenang poe ayeuna mah terahir geura, saleuwihna pasti jadi kasep
Uus : yakin nya, ki ?
Dukun : (ngomong ka jin) kumaha, bisa teu yeuh, kuring geus kapalang jangji
Jin Ucrit : sabenerna jalma ieu mah teu bisa dikumaha kumahakeun deui, tapi gampang lah. Itung itung nulungan nu keur susah... cara anu biasa wae, ki. Saleuwihna ku kuring engke
Dukun : sok, maneh siap siap heula, bisi kaget engkena (nyekel cai sagelas)
Uus : eh, tos ki. Teu kedah disembur atuh, cai hese
Dukun : naha, maneh. Kuring ngan hayang nginum, haus ti tadi ngomong wae.
Jin Ucrit : geus ki, titah sangkan nutup mata
Dukun : sok maneh, tutup heula matana
(komat kamit teu puguh) puah.....
Uus : tuh kan nyembur oge....
Dukun : kumaha, hasilna.... kasep pan, siga serhokh khan
Udin : wah teu nyangka maneh bisa siga kieu... hebat euy, kasep, ngaleuwihan si otong nu aya di Ragunan
Uus : wah hatur nuhun, ki
Dukun : alus alus.... ayeuna maneh rek naon kadieu (nunjuk si Udin)
Udin : abdi mah benten ki, abdi ..... biasa budak ngora, melet
Dukun : melet deui melet deui, saha kitu anu rek dipelet teh ?
Udin : ieu potona, ki
Dukun : Aeh aeh, asa apal ieu jalma teh, saha nya. Siga anu tadi kadieu
Udin : ah si aki bisa wae, salah tingali meureun..
Uus : hi hi hi... kitu ari anu pasaran mah, dimana mana aya anu sarua
Udin : cicing ah. Kumaha ki, bisa ?
Dukun : nya, bisa bisa... tapi apal lain
Udin : oh anu eta mah gampil, ieu bayaranna
Pamugi tiasa hasil, ki
Dukun : mudah mudahan....... Jin, bawa
Jin Ucrit : Laksanakeun, ki.
Dukun : ari maneh kumaha ? (nanya ka si Uus)
Uus : abdi ngahutang deui ki, biasa panyakit ahir bulan
Dukun : ah, maneh mah kabiasaan
Udin : ki, punten nya sanes kirang sopan. Ari ti tadi teh aki nyarios sareng saha kitu ?
Dukun : biasa ajudan ghaib.
ek naha ngurusan ajudan kuring. geus geuwat balik ka ditu, kuring rek tutup ayeuna.
Udin : muhun ki. Hatur nuhun
Uus : eh, ki. Tapi yakin henteu ieu kakasepan abdi teh bakal salamina ?
Dukun : yakin, aya surat garansina sagala. Geus geuwat balik

Dukun : jin.... jin.... kadieu
Jin Ucrit : aya naon kitu ki ?
Dukun : tempo yeuh ku maneh. Kujalan ngaDukun wae kuring geus boga duit saloba kieu, komo deui lamun jadi mentri anu gajihna bakal naek
Jin Ucrit : heueuh nya, tapi bagi bagi atuh ki. Kuring oge hayang meunang bagian
Dukun : eh, ulah, maneh mah bangsa jin. Tong gagayaning hayang babagian duit. Ieu mah husus jang manusa.
Jin Ucrit : wah, tong kitu atuh ki. Kuring oge pan hayang make duit eta jang lIbur jeung rubiah, anak kuring oge butuh keur SPP sakola anu beuki mahal.
Dukun : geus kaditu, neangan sorangan. Ngojeg ngojeg atuh..
Jin Ucrit : ah si aki sadis. Ku kuring moal dibantuan deui geura

Isukannana ….

Ibu Iyem : (datang datang langsung nunjuk aki Dukun)
heh, maneh Dukun palsu heueuh !
Ibu Atun : bener bener, Dukun palsu.... duruk wae Dukun palsu mah
Dukun : eh, sabar. Aya naon ieu aya naon ? badamikeun heula naha ! make hayang ngaduruk sagala
Ibu Iyem : badamikeun kumaha ? kuring geus rugi gede gara gara maneh !
Ibu Atun : bener bener, kuring oge rugi...
(ngahuleng) rugi naon nya ? ah…., kuring rugi tanaga yeuh…. Bulak balik ka imah aki Dukun…
Dukun : eit, ke heula. Atuh geuning ka kuring ?
Ibu Iyem : atuh ka saha deui, embe ?
Ibu Atun : bener bener, ...........
naha embe make dibabawaan sagala ? mendingan sapi, leuwih gede saeutik. Lumayan bisa Ibueun sate 1000 tusuk, matak wareg. Kabeneran daging sapi keur murah…
Ibu Iyem : kuring geus mayar maneh mahal-mahal, tapi euweuh hasilna. Kuring ngan meunang hiji Dukungan, eta oge ti si Atun wae. Kumaha yeuh, tanggung jawab
Dukun : sabar sabar,.......

Udin : aki Dukun….. !!! (paamprok jeung si Isah jeung si Tini)
Uus : gelooooo…. (ngagorowok dina ceuli si Udin)
Udin : maneh nu gelo. Ieu ceuli, lain ‘toa’..
Tini : aki Dukun ....!!!!
Tini : hah, Udin sareng Uus nuju naon di dieu ?
Udin : Tini jeung Isah, ari maneh keur naon di dieu.
Wah curiga aya hubunganna jeung kuring nolak si Isah kamari nya ?
Uus : Tini, halo nuju naon di dieu ?
Tini : ih saha maneh, beungeut ancur!!!
Uus : wah, neng teu kenal sareng Aa nya.
Waaaahhhh (ceurik sabari gogorowokan), aki Dukun tanggung jawab
Tini : geus, masalah urang engke heula. Ayeuna kuring jeung Isah boga masalah jeung aki Dukun
Isah : sabar tin, sabar.
Udin : sarua kuring oge
Uus : bener, gara gara aki Dukun , kuring jadi kawas kieu

(pada nyampeurkeun Dukun )
Udin : aki, tanggung jawab. Pelet abdi ka si Tini, geuning teu ampuh
Tini : oh, jadi maneh kadieu teh rek melet kuring
Uus : bener ki tanggungjawab. Abdi jadi siga buta hejo kieu ki....
Isah : tin entos ah, urang wangsul wae
Tini : ah, engke
Dukun : sabar... sabar
Tini : ulah lali ki. Rerencangan abdi oge peletna ka si Udin teu manjur
Isah : entos atuh tin ulah di carioskeun
Udin : oh, jadi maneh nyeri hate ditolak ku kuring, sampe hayang melet sagala
Ibu Atun : heuh, maraneh maen sorobot wae, jadi kumaha ki ?
Uus : abdi oge kumaha ki ???
Dukun : sakeudeung sakeudeung.... sabar...........
Jin.......... jin............. bantuan kuring atuh
Jin Ucrit : aya naon sih ki? Kuring keur enak enak sare yeuh
Dukun : kumaha sih maneh gawe, ieu loba anu saralah
Jin Ucrit : oh, poho ki. kamari teh rek ngomong ka aki tapi pas kadieu, si aki keur sare, sabari ngalindur. Rek dihudangkeun da kumaha. Kuring teh sabenerna lieur, teu inget yen kuring teh buta hurup jeung buta warna. Basa diberekeun kartu nama jeung poto kuring ngahuleng sorangan.
Dukun : aduh, kabaleg atuh....
Udin : maneh keur ngomong jeung saha sih ? pokona geuwat bereskeun urusanna
Dukun : jin... tulungan atuh jin
Jin Ucrit : ah bongan wae, tara bagi bagi. Si aki enak enakan ngadahar pizza, kuring ngan dibere menyan. Jadi sorry nya ki
Dukun : aduh, sensitip pisan sih. Engke atuh ku kuring dibere daging sakarung
Jin Ucrit : waduh, sakali deui punten ki, kuring kan vegetarian, jadi teu beuki kanu kitu mah.... dah...
Ibu Iyem : ah, ngomong wae, geuwat urang gebugan wae ieu Dukun palsu
Tini : urusan urang kumaha yeuh
Udin : ah, engke eta mah
Isah : ih, naha janten sapertos kieu sih, riweuh. nurutan wae ah

Jin Ucrit : tah, mangkanna ari jadi jalma tong sarakah, kudu babagi. Jeung deui tong beunang percaya kana hala hal anu sipatna can nyata. Kena kena cinta ditolak, Dukun dibabawa. Kumaha jadina....
Hayu ah, mending jadi jin.... teu katempo ku sasaha, jadi bisa kabur
Udin : bisa kabur ti hongkong...., maneh ti mimiti oge katempo.... gebugan oge !!!
Jin Ucrit : wah, tulungan ............

2 komentar: